Rangkuman Wawacan Sunda
A. Perngertian Wawacan Wawacan nyaeta hiji karangan anu nulisna dina hiji pupuh, eusina ngebrehkeun hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema. Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa heubeul panjang nu dianggit maké patokan pupuh (17 pupuh). Ku kituna, wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung digelarkeun dina puisi pupuh. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh karangan naratif anu didangding jeung dianggit ku pupuh Wawacan kecap asal na tina waca, anu hartina baca. Secara sempurna mah maksud tina baca teh nyaeta naon-naon anu di baca. B. Struktur Wawacan 1. Manggalasastra (alofon) : Eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka nuhu maha kawasa katut solawat ka kangjeng rosul. Conto : Kasmaran kaula muji ka Gusti Ajawajala nu murah ka mahluk kabeh jeung muji utusanana ...