Rangkuman Wawacan Sunda
A. Perngertian Wawacan
Wawacan nyaeta hiji karangan anu nulisna dina hiji pupuh, eusina ngebrehkeun hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema.Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa heubeul panjang nu dianggit maké patokan pupuh (17 pupuh).Ku kituna, wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung digelarkeun dina puisi pupuh.Ku kituna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh karangan naratif anu didangding jeung dianggit ku pupuh
Wawacan kecap asal na tina waca, anu hartina baca. Secara sempurna mah maksud tina baca teh nyaeta naon-naon anu di baca.
Cara nembangkeun wawacan nyaeta ku cara dibedaskeun, di darengekeun, ku anu aya dina eta riungan ieu kalangenan tina disebut seni beluk. Tukang beluk sok sarombongan, opatan atawa limaan. Nembangkeun wawacan na dina sapeuting jeput di bada isya dugika subuh. Sedengkeun wawacan anu dianggap sakral nyaeta wawacan ogin, wawacan ahmad muhammad, wawacan layang syeh, wawacan abdul khodir zaelani.
Wawacan anu mangrupa karya anonim teh diantarana wae wawacan ogin, wawacan ahmad muhammad, wawacan samaun, wawacan ranggawulung, wawacan surianingrat, wawacan suriakanta, wawacan amir hamzah, wawacan danu maya, wawacan indra bangsawan, wawacan abdul muluk, wawacan manikam jeung wawacan nati yusuf.
Wawacan kecap asal na tina waca, anu hartina baca. Secara sempurna mah maksud tina baca teh nyaeta naon-naon anu di baca.
B. Struktur Wawacan
1. Manggalasastra (alofon) : Eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka nuhu maha kawasa katut solawat ka kangjeng rosul.
Conto : Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
nu murah ka mahluk kabeh
jeung muji utusanana
Kangjengnya eta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
2. Eusi : Guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat.
ka Gusti Ajawajala
nu murah ka mahluk kabeh
jeung muji utusanana
Kangjengnya eta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
2. Eusi : Guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat.
Conto => wawacan panji wulung
3. Panutup (kolofon) : Eusina titimangsa di tulisna eta wawacan
3. Panutup (kolofon) : Eusina titimangsa di tulisna eta wawacan
Conto => Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
Di tanggal tujuh welesna
Kaleresna bulan April
Taung kanjeng Masehi
Sarewu dalapan ratus
Jeung genep puluh dua
Marengan hijrahna nabi
Sarewu dua ratus tujuh puluh dalapan
( Wawacan Panji Wulung )
C. Cara Nembangkeun Wawacan
Wawacan anu mangrupa karya anonim teh diantarana wae wawacan ogin, wawacan ahmad muhammad, wawacan samaun, wawacan ranggawulung, wawacan surianingrat, wawacan suriakanta, wawacan amir hamzah, wawacan danu maya, wawacan indra bangsawan, wawacan abdul muluk, wawacan manikam jeung wawacan nati yusuf.
D. Ciri-ciri Wawacan
1. Mangrupa karangan narasi (cerita)
2. Jalan ceritana panjang
3. Kaasup kana Wangun karangan ugeran
4. Dianggit make patokan pupuh
5. Ditepikeunana ditembangkeun (beluk)
6. Parapalakuna umumna jalma linuhung
7. Kanyahoan nu ngarah jeung waktu nulis na
8. Jalan caritana umumna ngandung unsur pamohalan
9. Dipindangkeun di nu hajatan, saperti salametan orok,kahitanan,gusaran,kawinan jeung salametan sabada panen.
Komentar
Posting Komentar